Danudirdja Setiabudi: Pajoang jeung Pahlawan Nasional

0
87

Ku: Djodi Prihatna

Salasaurang tokoh pajoang jeung pahlawan nasional ti kaom Indo anu teu eureun-eureun ngabélaan kaom Indo jeung kaom pribumi tina kasawenang-wenangan pamaréntah jajahan Walanda. Bareng jeung Cipto Mangunkusumo sarta Suwardi Suryaningrat, ngadegkeun Budi Utomo taun 1908.

Ngaranna panjang oge: Dr. Ernest Francois Eugène Douwés Dékker, ngaran pribumina mah Danudirdja Setiabudi. Dibabarkeun di Pasuruan, Jawa Timur, kaping 8 Oktober 1879, wafat di Bandung, Jawa Barat, kaping 28 Agustus 1950.

Inyana téh hiji tokoh pajoang jeung pahlawan nasional Indonesia nu kamashur. Inyana putra katilu ti pasangan Auguste Hénri Edouard Douwés Dékker (Walanda asli), jeung Louisa Margarétha Neumann (blasteran, bapa Jérman ibu ti Jawa). Auguste téh broker bursa éfék jeung agén bank, jadi pangasilanana kaitung gedé. Ernest anu nénéhna Nes atawa dilandi DD ku babaturan saperjoanganana, masih baraya jeung pangarang buku Max Havelaar, nyaéta Eduard Douwes Dékker atawa Multatuli, anu sabenerna adi ti akina. Sedengkeun Olaf Douwés Dékker, incu ti dulurna, jadi panyajak nu kakoncara di Bréda, Walanda.

Mangsa Ngora jeung Perang Boer

Nes mimiti sakola tingkat dasar di Pasuruan, Jawa Timur. Sakola lanjutanana di HBS Surabaya. Tuluy pindah ka Gymnasium Willem III, hiji sakola élit di Batavia. Réngsé sakola inyana digawé di kebon kopi “Soember Doerén” Malang, Jawa Timur. Di éta tempat inyana nyaksian kasawenang-wenangan anu tumiba ka pagawé kebon, jadi mindeng ngabéla maranéhna.

Ku lantaran kitu, Nes henteu dipikaresep ku babaturana bangsa Walanda, tapi diarajénan ku bangsa pribumi bawahanana. Lantaran aya konflik jeung manajer kebon, inyana dipindahkeun ka kebon tiwu “Padjarakan” di Kraksaan jadi laboran. Sakali deui Nes konflik jeung manajer alatan ngabagi cai (irigasi) antara kebon tiwu jeung sawah patani. Tungtungna, inyana dipecat.

Lantaran nganggur jeung maotna indung, akhirna Nes indit ka Afrika Selatan taun 1899 pikeun milu dina perang Boer II ngalawan Inggris. Ahirna inyana jadi warganagara Republik Transvaal. Sababaraha bulan ti harita dulurna anu lalaki, Julius jeung Guido, nyusul ka Afrika. Nes katangkep ku pasukan Inggris sarta jadi tawanan perang di hiji kamp di Céylon. Nya di éta tempat inyana wawuh jeung sastra India. Saeutik saeutik lalangsé pamikiranana mimiti muka sarta kakara nangenan perlakuan henteu adil pamaréntah kolonial Hindia Walanda ka bangsa pribumi.

Jadi Radikal

Inyana mulang ka Hindia Walanda taun 1902 sarta kawin dina taun 1903 jeung Clara Charlotte Deije (1885-1968), putri dokter asal Jérman anu mukim di Hindia Walanda. Tina perkawinanana lahir lima budak, tapi dua diantarana maot waktu masih leutik. Jadi Nes ngan boga tilu putri anu gareulis tur tegep. Nes kacida mikanyaah ka putri-putrina, malah kungsi nulis sabaraha dongéng waktu inyana kapaksa kudu ninggalkeun putri-putrina.

Ti barang balik ti Céylon inyana boga pamikiran kritis kana kawijakan kolonial, lantaran pangalamanana di kebon jeung kasus kalaparan di Indramayu. Inyana tuluy asup kana jajaran rédaksi suratkabar sarta mimiti nuliskeun gagasan-gagasanana anu beuki seukeut. Misilna dina hal “nenangkeun” Acéh. Inyana mimiti nulis di suratkabar De Locomotief (di Semarang) tuluy pindah ka suratkabar Bataviaasche Nieuwsblad (di Batavia, kiwari: Jakarta).

Waktu inyana nulis di suratkabar Jérman, Das Freie Wort, meunang tuduhan sabagé penghianat, anu balukarna asup kana radar intelijén panguasa harita. Bulan Méi 1908 inyana nulis artikel “Hoe kan Holland hét Spoedigst zijn Koloniën Verliesen?” (Kumaha Carana Walanda Bisa Gancang Kaleungitan Koloni-kolonina?) di Nieuwe Arnhemsche Courant, anu ngiritik bébéakan politik étis.

Imahna nu deukeut STOVIA dijadikeun tempat kumpul para perintis gerakan kebangkitan nasional, keur diajar jeung diskusi. Budi Utomo, organisasi anu jadi organisasi nasional munggaran, lahir lantaran bantuanana.

Indische Partij

Lantaran nganggap Budi Utomo kawatesanan ku masalah kabudayaan (Jawa), Danudirdja Setiabudi henteu loba kalibet di jerona. Lantaran manéhna mah Indo jadi wéh meunang diskriminasi ku Walanda asli (Walanda totok atawa trekkers). Contona, Indo mah teu bisa nempatan posisi-posisi utama di pamaréntahan. Mémang maranéhna bisa nempatan kalungguhan luhur jeung gajih lumayan. Pikeun kalungguhan anu sarua, gajihna leuwih gedé batan pribumi.

Tapi ku ayana politik étis, kalungguhan Indo mimiti dijieun susah ku pamaréntah kolonial. Pamaréntah malahan mikeun kalungguhan anu biasa dieusian ku bangsa Indo ka bangsa pribumi, kalawan bayaran anu leuwih leutik. Kaprihatinan bangsa Indo dimangpaatkeun Nes ku jalan némbréskeun idena pikeun pamaréntahan sorangan Hindia Walanda ku bangsa pribumi (Indiërs) anu inklusif jeung ngaleungitkeun perbédaan suku. Ieu gagasan bisa disebutkeun asli lantaran harita sakabéh bangsa pribumi leuwih aktif pikeun ras atawa suku bangsana séwang-séwangan.

Ngaliwatan organisasi kaum Indo, nyaéta “Indische Bond” jeung “Insulinde” inyana nepikeun gagasanana pikeun hiji “Indie” (Hindia) anyar anu dipingpin ku wargana sorangan, lain ku pendatang (bangsa Walanda). Ironisna ieu gagasan di kalangan kaum Indo ngan meunang sambutan saeutik, lantaran sabagian gedé kaum Indo leuwih milih status quo (cicing-cicing baé), sanajan kaum Indo direndahkeun ku bangsa Eropah “murni”, apan masih meunang layanan ti kaom pribumi.

Henteu puas lantaran Indische Bond jeung Insulinde teu bisa ngahiji, taun 1912 Danudirdja jeung Tjipto Mangunkusumo sarta Soewardi Soerjaningrat ngadegkeun partai haluan nasionalis nya éta Indsiche Partij (Partéy Hindia). Kampaye ka sababaraha kota ngahasilkeun anggota kurang-leuwih 5.000 urang. Semarang jumlah anggota pangréana, disusul Bandung.

Ieu partéy popilér di kalangan kaum Indo sarta meunang pangajén di kalangan Tionghoa jeung pribumi, sanajan tetep dicuriga lantaran gagasanana radikal. Partéy anu anti- kolonial jeung tujuan ahirna kamerdekaan Indonesia téh dibubarkeun ku pamaréntah Hindia Walanda taun 1913, lantaran dianggap nyebarkeun rasa sebel ka pamaréntah. Tokohna anu tilu (Douwes Dékker, Cipto jeung Suwardi) dibuang ka nagri Walanda.

Mangsa-mangsa jadi jalma buangan di Eropah dimangpaatkeun ku Danudirdja pikeun nyokot program Doktor di Universitas Zurich dina widang ékonomi. Di dinya DD bareng jeung kulawargana. Meunang gelar Doktor rada kontrovérsial, lantaran peunteunna kacida handap, dihaja ku pangujina anu réréana bangsa Walanda. Tapi ditarima kalawan prihatin.

Lantaran di Swiss kalibet konspirasi jeung kaum revolusionér India, inyana ditéwak di Hong Kong tuluy dipenjara di Singapura taun 1918. sanggeus dua taun inyana mulang ka Hindia Walanda.

Samulangna ka Batavia inyana ninggalkeun kagiatan jurnalistik lantaran resep miara anjing angon Jérman. Kagiatanana miara anjing dituluykeun kana widang pendidikan ku jalan ngadegkeun sakola “Ksatrian Institute”. Inyana méré materi pangajaran anu instruksina dina basa Walanda. Ksatrian Institute sakola pendidikan bisnis tapi aya ogé pangajaran ngeunaan sajarah Indonésia jeung sajarah dunya anu materina ditulis ku Danudirdja sorangan.

Danudirja Setiabudi pupus taun 1950 sarta dikurebkeun di TMP (Taman Makam Pahlawan) Cikutra, Bandung, Jawa Barat, Indonesia. Sarta inyana meunang gelar pahlawan nasional ti pamaréntah RI (Républik Indonésia).

===

Katerangan: Ieu karangan téh kangtos muatkeuneun di majalah online bahasa Sunda, SALAKA, di Bandung, Jawa Barat, Indonésia. Inyana tiasa dipaluruh dina portal: www.salaka.net [diaksés di Bandung: ping 23 Januari 2012].

Djodi Prihatna, A.Md-MG nyaéta Pangarang Sunda, nganjrek di Bandung, Jawa Barat, Indonésia.

SHARE

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here